Wisata Curug Ngebul Ada Kaitan Dengan Prabu Siliwangi

SUKABUMI, INFODESAKU – Curug ngebul desa Cilengsing Kecamatan Cikakak adalah tempat eksotik dan menyimpan aura magis yang tinggi. Airnya yang mengalir ke muara sukawayana itu kini mulai rame didatangi tamu-tamu dari luar Sukabumi.”Kata Ruslan Raya saat dihubungi media Infodesaku.Minggu (26/05/2019)

Disekitar area itu juga yang lokasinya tidak begitu jauh ada juga Curug Marinjung yang tak kalah menariknya serta Indahnya pemandangan cukup bisa untuk merelaksasi hati dan pikiran menyatu dengan alam.

Menurut Ruslan Raya Ketum Mata Sosial ini sangat cocok dijadikan sebagi objek wisata, pernah di tahun lalu dari Dinas Pariwisata serta pihak Kecamatan melakukan survei ke lokasi.

“Dirinya menggambarkan Curug Ngebul dengan sentuhan sentuhan puisinya untuk menyampaikan pesan pesan yang tersirat dari Curug Ngebul itu sendiri. Ini ada kaitannya dengan Prabu Siliwangi dan Sukawayana sangat kental sekali,” ujarnya.

Dalam puisinya yang berbahasa Sunda Ruslan Raya menuliskan tentang Curug Ngebul dan Curug Marinjung yang lokasinya berdekatan.

Curug ngebul

Lumampahna carita tigunung halimun neupi ka sakawayana.
Caina ngamalir tina sela sela hanelem
Sisina pinuh ku babatuan tur cadas laleeur
Hiliwir na angin ngagumuruhna rasa tibelat kana wangsitna siliwangi

Dina curug anu ngebul ngahalangan biwir guha
Teu kaguar kunafus teu kasingray ku sarakahna hate
Jerona lewi bisa diukur kuawi salenjer
Tapi jerona harti moal ka ukur ku akal nu ngarawel kana areyna kahayang

Tigunung halimun anu katutup kabut nu ngahasep
Caina ngalir mapay uratna wahangan sakawayana
Di curug anu ngebul pertanda kahirupan kudu ngebul didapurna

Tap kana gaet jeng paculna
Kuda besi jeng dudukuy besina
Ngawakilan jaman nu lumampah
Curugan seengna tiupan senena
Hasepna ngebul nepi kasawah jeng kebona
Alam sunda nu jadi suarga

Tirakatna hate lir curug ngebul
Tiis celi herang panon
Teu kawengku ku dodoja nu ngibingan
Istuning curug ngebul ngalewi bari tenang
Nutupan sagala pibahayaeun nu matak nyilakakeun

Bral gera babat nafsuna nu jadi hahalang
Gera caangan jalan pibalikeuna
Kojayana lewina datangan guhana
Baca dina kalakay daun hanelem nu ngambang dina caina

Yen alam sunda teh genah jeng tumaninah
Curung ngebul pamandiana siliwangi
Saling asah saling asih saling asuh
Lestari alamna ngebul tungkuna.

Curug marinjung

Hiliwirna angin anu mawa cai mantak tiis nepi kana tulang
Gumuruhna na cai anu nyurug bari dibarengan hasep nu pinuh kamelang
Salempang kana jalan anu bakal disorang
Sabab loba cadas tur lukut nu ngarey dina jurang

Lir ibarat hirup anu terus kudu lempeng tekad jeng lampahna
Sok sanajan hade tur gorengna marengan caritana
Tapi tekad nu kuat lir cai anu nyurug teu kahalangan hahalangna
Ngalir bari tumaninah sanajan loba mawa bahayana

Kolot bahela geus cumarita dina gambaran alam
Yen hirup bakal loba nu kaalaman lain saukur guam
Dina curug kahirupan aya lewi nu sok kabawa gunam
Dina celah celah curug jeng cadasna jalan kana tilem

Sajarah terus nepi siga anu teu lepas dina leuwi
Leuwi anu pinuh ku sagala kokotor nu ngahiji
Kasingray tiap waktuna ku tali ati
Bari prakna kana parentah gusti

Ieu curug marinjung anu luhur
Loba dodoja jeng pang bibita numantak iman luntur
Singkade ulah kabawa ngalantur
Yen hirup teh kabeh ges diatur

Omat ulah lepas tina tali pangeran
Sanajan gugurawilan dina arey nu dirawelan
Picen kokotorna sina palid ngajauhan
Ameh urang tetep eling kapangeran

Masih kata Ruslan lebih lanjut, para orang tua dulu menyampaikan pesan pesan moral dengan penuh siloka/gambaran suatu kondisi atau tempat bahkan nama nama yang menyimbolkan kehidupan yang universal.

“Dalam sejarah kesundaan/kasundaan pasti tidak lepas dari cerita cerita atau sejarah sejarah yang berhubhngan dengan prabu siliwangi. Baik secara transendental atau berdasarkan cerita rakyat yang terus turun temurun.” pungkas Ruslan Raya.

Laporan : BA

Related posts

Soleh Sohih, Penggerak Literasi Nasional

Tanah Jampea di Kepulauan Selayar Pulau Bergelimang Potensi Yang Tak ‘Terjamah’

Kopi Dukuh Tumbuh di Silayung Park Cibatu